Kamis, 20 Januari 2011

KEMBANG KUNCUP

Kembang Kuncup

oleh Ai Smart Dhewi pada 25 Desember 2010 jam 14:00
 Kira-kira wanci corengcang tihang, neng Iis ngersakeun ngulisik malik ka beulah kenca. Atuda dasar usum ngijh, wanci kitu teh malah kahoyong mah morongkol wae di enggon. Mun teu ras ka can sholat shubuh sigana mah Neng Iis oge bakalan narik deui salimut nu kandel tina bulu sutra.Neng Iis nguliat ngedul , terus cengkat diuk dina tungtung dipan.
"Aduh...asa ku tiris-tiris teuing ieu teh" gerentesna.
Terus Neng Iis nguniang hudang, langsung asup ka jamban.Gebrus wae atuh anjeuna langsung mandi. Teu sawatara lila Neng Iis ngaleos ka enggon.Prak dibaju,terus miang ka masjid, da kabiasan manehna mun tiap waktu sholat wajib pasti dilakonan di masjid jami Arr Rohiim. Sabab nurutkeun pamikiran manehna sholat berjamaah leuwih hade batan nyorangan.
Sawatara Neng Iis leumpang , asa aya sora nu nyalukan.
"Is...tungguan....." eta sora mani nyongcolang kana ceuli kuring.
"Muhun..." jawab Neng Iis bari ngalieuk ka tukang rek nelek-nelek nu boga eta sora.
Barang dilieuk breh katinggal ku manehna Ina jeung babaturanana keur ngagidig rek nyusul manehna. Neng Iis ngeureunkeun heula lengkahna. Manehna ngadagoan Ina, ngarah bareng maksudna mah.
Hey.....digero-gero ti tadi teh....nya...meni anteng we....ngalengkah.." Ceuk Ina ka Neng Iis.
Eh...muhun nyah...teu kakuping atuda..., punten nya...." tembal Neng Iis bari gumujeng.
Enya lah....dihapunten...da ayeuna mah tos kasusul " ceuk Ina bari ngabelenyeh seuri.
Maranehna ngajugjug masjid bari ngobrol patembalan.sakali-kali mah siga nu tepak toel garogonjakan.
Teu sawatara lila maranehna tepi ka masjid. Kasampak Pa Haji tos ngantosan murid-muridna.
"Hayo geura abdas...Tos abdas can ti bumi? saur Pa Haji .
"Parantos Pa...tadi sakantenan ibak" maranehna ngajawab meh bareng.
Sok atuh geura arasup bisi kaburu srangenge kaluar" ceuk Pahaji bari ngaleos ka jero masjid.
"Muhun  Pa..." jawabna. Terus maranehna arasup ka masjid langsung merenahkeun dirina sorangan -sorangan.
Bada Sholat terus maranehna ngaji Quran sahancana-sahancana, bari terus diwurukan ku Pa haji masalah Tajwidna.
Teu karasa wanci geus maju ka beurang.Bral marulang ka imahna sewang-sewangan da poe eta maranehna kudu sakola deui ka SMP anu jarakna lumayan jauh.
Nepi ka imah Neng iis terus ka enggon ngaberesan buku kana tas pikeun poe ieu.Saeunggeus ganti baju Neng Iis leos ka dapur rek mantuan Ema nyiapkeun sarapan.
Tah geura der nyarap.."ceuk ema barang ninggali Neng Iis norojol ka dapur.
Aeh gening tos rengse...kawitna mah Iis bade mantuan ema" ceuk Neng iis bari aluman alimen.
Ah da lamun nungguan hidep mah meureun iraha...." ceuk ema nembal an Neng Iis.
he he ..." Neng Iis mesem.
Bari nyandak piring dina erak terus nyodok sangu jeung laukna.Sawatara neng iis sarapan torojol Apa ti beulah wetan.
Gening Apa tos di luar" ti mana tea atuh enjing-enjing" ceuk Neng Iis naros Apana.
Ah biasa we ari kolot mah, pan kudu barang siar" ceuk Apana bari cek kana cangkir terus dieusian ku cai enteh.Glek diinum meni siga nu ni'mat pisan.Rengse nguyup cai enteh terus nyandak pisang goreng sakeureut.
Tah Ma....ngeunah pisang goreng teh ieu mah" ceuk Apa bari cek nyokot deui pisang goreng.
"Ema tea atuh Pa..." ceuk Nneg Iis nembalan.
he he " ema gumujeng bari sok deui pisang goreng kana piring.
Neng iis langsung make sapatu da pas ninggal jam tos tabuh satengah tujuh. terus pamit ka Apa jeung Emana .
"Apa , Ema Iis mios.." pokna bari salaman.
"Nya sok kadituh...awas di jalan ati-ati, bisi aya nu ngaheureuyan" ceuk apana bari seuri. Maklum nneng Iis mangrupa kembang desa anu katelah someah darehdeh ka saha oge.
Sip lah " Iis pasti jaga diri Pa...." pokna.
Bari ngaleos Neng iis ngagidig mangkat ka sakola .Sawatara di jalan Neng Iis teu luak lieuk ieuh da sababna ngarasa geus beurang teuing.pikirna pasti rada kabeurangan .
Nepi ka sakola , kasampak babaturanana geus rea . Ina jeung rengrengan oge geus nongkrong di kantin.
Hey..tumben siang" ceuk Ina nanya.
Muhun tadi teh kabengbat ngobrol sareng apa" jawab neng iis singkat.
Dikantun nya..." Neng iis ngaleos ka kelasna. kasampak di kelas tos rempeg ampir kabeh babaturanana tos daratang.
Neng iis ngabageakeun babaturanana bari imut ngagelenyu, rumasa manehna nu pangbeurangna. Can ge gek, Lonceng di tabeuh ku piket.Murid-murid kabeh baris di hareupeun panto dipimpin ku KM.
Rengse baris murid asup saurang-saurang,terus dariuk dina bangku. Teu sawatara lila jol Guru nu rek ngajar jam kahiji.
nyaeta Bu Intan nu kabeneran ngajar Biologi.
"Barudak....kabeneran poe ieu sakabeh guru bade Rapat di Kacamatan" can rengse Bu intan ngumumkeun barudak tos surak atoheun pisan, sabab ooe eta aya pangajaran nu rek ulangan.
Yeh...jempe heula atuh" ceuk Bu intan.
Ibu can rengse mere pangumuman teh" Bu Intan neruskeun caritana.
"Hidep meunang di ajar di imah masing-masing, tapi isukan bawa tugasna nyaeta nyieun laporan kagiatan salila hidep diajar di imah" ceuk Bu intan.
Barudak pada ngarutruk di bere tugas teh. da hayangna mah arulin sorangan.
Sabada mere tugas Bu intan kaluar dibarengan ku murid-muridna.
"Is...engke urang ka imah maneh nya" ceuk sulastri bari ngagorowok.
"Mangga.." ceuk Iis nembalan bari angger leumpang. Manehna geus apal ka pasipatan babaturanana mun aya tugas pasti parebut hayang ka imahna, sabab Neng iis kasebut Bintang Pelajar di sakolana jadi tiap tugas pasti bener kabeh.
Neng Iis mulang bari ngobrol jeung babaturanana. teu karasa geus tepi deui ka imahna. kasampak Apa jeung emana keur Ngobrol jeung pa Haji.
asalamualaikum.." pokna
"waalaikum salam" nu ngajawab meh bareng.
genig geus bubar sakola teh?" ceuk apa.
Muhun pa...guru-guruna bade rapat di kacamatan" ceuk nneng iis bari asup ka kamar.
Pa Haji terus uplek ngobrol jeung apana Iis. teu sawatara lila Neng iis dicalukan ku emana.
Is...kadieu geulis...' pokna
"Muhun ma..sakedap bade gentos heula acuk." jawab neng iis.
barang neng iis kaluar pok Apana nyarita.
"Kieu neng....Pa Haji tadi balaka ka Apa yen Anjeuna bade ngalamar hidep pikeun putrana nu jadi camat.
Beg Neng Iis ngahuleng. asa napak asa henteu. Kamari karek ngobrolkeun cita-cita hayang jadi guru lamun beres sakola SMA.Naha ayeuna gening jadi kieu? Neng Iis masih ngahuleng.Teu lila Pa Haji cumarita.
Tapi sanes ayeuna Is...engke lamun Iis tos kaluar SMA , kira-kira tilu taunan deui mah..."pokna.
Neng iis bingung teu puguh cabak hatena tagiwur pinuh klu rupa-rupa rasa.
"Bapa oge teu nungguan jawaban ayeuna, engke we mun Iis tos siap" ceuk Pa Haji neruskeun omonganana.
Ayeuna mah ngan nyangcang wungkul bisi kaburu ku batur...pan ari geus dicangcang ka Bapana mah Pa Haji jongjon" pokna deui.
Neng Iis angger ngabetem bari nilep-nilep ramo.Sawatar kitu Pa Haji amitan rek mulang. neng Iis salam bari gumujeng .Padahal jero hate mah bingung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar